HALAMAN

SUGIH KU PANGARTI BEUNGHAR KU PANGABISA

HEAD LINE NEWS

Saturday, December 18, 2010

Wednesday, August 18, 2010

Tuesday, August 17, 2010

Gogonjajakan Ki Sunda

Urang Sunda, pangpangna barudak, sok resep tatarucingan. Jaman béh ditu, duka ayeuna mah. Ieu seratan mangrupi tatarucingan Sunda dina wangun paguneman (dialog), kénging ngempelkeun tina Majalah Manglé. Nyanggakeun.
____________________________________________________________________________________

Bénjol, “Uing boga tatarucingan, Sro, alus téh. Munu’u-munu’u dibeulah aya sikian, naon cing?”
Usro, “Ah, manéh mah ari geus kitu téh, baku.”
Bénjol, “Lain geus kitu geus kitu, nyaho teu?”
Usro, “Teuing ah…”
Benjol (bari ngaléos), “Waluh, monyong!”

____________________________________________________________________________________

Maman, “Mun, naon bédana leuweung jeung istri?”
Mamun, “Teuing atuh, naon éta mah hésé geuning.”
Maman, “Leuweung mah teu aya istrian, ari istri mah aya leuweungan.”
Mamun, “Dasar burahol manéh mah.”

____________________________________________________________________________________

caaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaagggggg.................................................

Saturday, August 7, 2010

Dongeng Ki Sunda

Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

Si Kabayan jalma miskin taya kaboga. Di sakampung éta mah pangmalaratna baé meureun. Imahna teu béda ti saung butut. Ari pagawéanana, kitu wé buburuh ngoréd.

Béda deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding anu kacida beungharna. Sawahna lega, kebonna puluhan héktar, imahna gé nya gedé nya agréng.

Sakali mangsa tatangga Si Kabayan téh hajat gedé, ngawinkeun anakna. Ondangana kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carék wiwilanganana salembur éta mah diondang kabéh, iwal Si Kabayan.

Si Kabayan jeung pamajikanana teu kira-kira waé nalangsaeunana. Tuluy waé Si Kabayan téh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, pék ngadeupaan lincar.

“Sadeupa, dua deupa, tilu deupa, …,” cenah.

Sémah kacida kagéteunana, nénjo kalakuan Si Kabayan kitu téh. Saréréa ngariung nénjokeun Si Kabayan ngadeupaan imah nu boga hajat.

Pribumi ogé norojol; barang ngadéngé rebut-ribut di luar téh, gancang kaluar. Ari rét ka Si Kabayan, manéhna ngajenghok, tuluy nanya ka Si Kabayan.

“Ku naon Kabayan, manéh téh ngadeupaan lincar? Bet éta jeung teu dibaju kitu, kawas budak waé.”

Témbal Si Kabayan, “Wah, mun kolot gé diondang.”

Nu boga hajat pohara éraeunana, rumasa ngabéda-béda jelema. Gancang waé nyarita.

“Kapan ti kamari gé diondang. Manéhna mah sok pohoan. Gancang balik, dibaju heula, engké ka dieu, sakalian bawa pamajikan,” kitu ceuk nu boga hajat téh.

Si Kabayan kacida atoheunana.

Undak-Usuk Basa

Ampun paralun teu gaduh maksad kumawantun mapatahan ngojay ka meri, atanapi asa pangtiasana ieu aing uyah kidul. Ieu mah estu urang sasarengan diajar bae, malahmandar aya mangpaatna. Perkawis undak-usuk basa nu kapihatur, mung nu kapendak dina hirup kumbuh sadidinten bae, tetebiheun dugi kana papagon linguistic, kantenan ilmiah mah. Ieu mah dicawiskeun kanggo murangkalih, supados teu ngatog teuing. Dina ieu babaran, kahaturkeunbasa lemes kanggo nyalira sareng basa lemes kanggo nu sanes (sahandapeun, sasama, saluhureun).

Sateuacan neraskeun hanca ngalarapkeun basa lemes dina nyarios sadidinten, urang selang heula ku ngebrehkeun kanyataan basa nu saur para ahli mah kalebet “lemes kampung. Hartosna bakat ku palay lemes, aya sawatara kecap anu teukengeng dilemeskeun, teras dilemeskeun, dugika janten lepat, numutkeun rasabasa, aya oge anu nyebat “salah kaprah” nanging saleresna mah henteu seueur, mung henteu teu aya.
Di antawisna:

Jenengan Tempat

Kampung Batu Gede dilemeskeun janten Batu Ageung. Larapna dina kalimah; Tadi teh pun Dadang parantos angkat ka Batu Ageung. Kedahna: Tadi teh pun Dadang parantos angkat ka Batu Gede (nami hiji kampung). Benten deui sareng kalimah; Di tengah pulo aya batu gede, lemesna, Di tengah pulo aya batu ageung.Tah ieu mah leres, margi batu gede nu dimaksad sanes nami kampung, nanging nami barang. Conto sanesna: Maman nembe mulih ti Jl. Balong Ageung. Kedahna, Maman nembe mulih ti Jl. Balong Gede. Aya oge nami, Cimahi. Dilemeskeun janten, Cicekap. Eta oge lepat. Cindekna nami tempat, teu kengeng dilemeskeun.

Kecap Sifat

Seueur nu nyarios kieu; Pribados oge kantos jarah ka Pamijahan. Kecap pribados kawitna tina pribadi, upami dilemeskeun janten lepat. Kedahna; Sim kuring/abdi oge kantos jarah ka Pamijahan.

Kecap Pagawean

Pun adi nuju olahragi. Kedahna, Pun adi nuju olahraga. Upami nuju olah ragi, nu diolahna ragi. sanes raga/awak. Benten deui sareng kalimah; Abdi mantuan ngakut cau ka Mang Dudu, janten Abdi ngabantosan ngakut cau ka Mang Dudu.

Kecap Barang

Tatangga digentos janten tatanggi, lepat. Kedahna tatangga mah angger bae, sapertos; Pun biang nuju ngobrol sareng tatangga.

Kecap Sulur

Kecap sulur/gaganti diri miboga, dina basa Sunda nganggo; pun. Conto, indung abdi janten pun biang,bapa abdi janten pun bapa, pamajikan abdi janten pun bojo.

Nu lepat: Naha geuning angkat teh, henteu sareng pun bojo? (Maksadna istri jalmi nu ditaros). Kedahna, Naha geuning angkat teh teu sareng tuang rayi? Pun bojo = pamajikan abdi. Tuang rayi= pamajikan anjeun (jalmi kadua).Conto sanesna; Pun Ibu mah nuju ka pasar. Lepat, kedahna; Pun biang mah nuju ka pasar. Upami naros; Dupi tuang ibu angkat ka pasar? Aya nu naros; Sareng saha angkat ka Banten teh Jang? Diwaler; Sareng pun rama. Lepat, kedahna; Sareng pun bapa.Aya nu langkung aheng; Pun paman nuju kulem sareng pun bojona. Lepat, margi kecap PUN hartosna gaganti diri miboga tegesna nu kuring. Kedahna, Pun paman nuju kulem sareng pun bibi, atanapi pun paman nuju kulem sareng bojona, atanapi sareng istrina. Aya nu ditumpuk. Conto: Dupi eta saha? Di waler; Ieu pun bojo abdi, lepat. Kedahna; pun bojo.teu kedah nganggo abdi deui.

Kecap sulur sanesna, ngalarapkeun kagungan, sareng gagaduhan. Kagungan larapna kanggo nu sanes, gagaduhan kanggo nyalira. Conto: Pulpen saha ieu teh? Kedah diwaler: Gagaduhan. Teu kengeng; gaduh abdi, atanapi kagungan abdi. Lepat. Nu Leres : Pulpen saha ieu teh? Diwaler; kagungan Pa Dedeng. Conto sanesna ; Dupi bapa, kagungan putra teh sabarahiji? Diwaler; Abdi mah gaduh anak teh mung dua.

Sok aya nu nyarios; Kamari abdi angkat ka Bandung, sareng putra abdi. Kedahna; kamari abdi mios ka Bandung, sareng pun anak.

Nyakitu deui tumali sareng pameget (salaki), kawitna tina pameget (lalaki). Aya nu nyarios: Abdi bade nepangan ibu teh sareng caroge abdi. Maksadna sareng salakina. Lepat kedahna: Abdi bade nepangan ibu teh sareng pun lanceuk. Kecap lanceuk, tiasa dianggo ka saderek saibu-sarama,tiasa oge dianggo ka caroge/salaki.Upami kanggo nu sanes kedah pamegetna atanapi tuang raka, conto: Dupi pameget Bu Ani teh , Pa Diding? Da caroge pun anak mah, Dudung. Bu Dedeh, dupi tuangraka teu ngiring? (pameget, caroge, tuangraka, pun lanceuk, nuduhkeun salaki, dina kalungguhan nu benten, kanggo nu sanes, kulawarga nyalira, diri nyalira). Cindekna, kanggo nyalira PUN… kanggo nu sanes TUANG.. Kitu we saheulaanan mah, pamugi tiasa ngaeuyeuban kamampuah urang dina make atanapi ngagunakeun basa Sunda.

Biantara Ki Sunda

NGARONJATKEUN KAREUUS NONOMAN KANA BASA SUNDA

Assalamu’alaikum Wr Wb

Hadirin anu sami-sami linggih,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.

Hadirin hormateun sim kuring,
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.
Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawn teh “
ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak.
Sajabi ti eta, mikacinta basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu aya dina batang tubuh UUD ‘45, utamana pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung ukur kanggo basa Sunda, nanging sakur basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu dipiara jeung dimekarkeun. Ana kitu mah nonoman anu mikareueus jeung ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuhna, ngandung harti eta nonoman teh tos kalebet kana warga nagara anu hade.

Hadirin, salajengna, generasi muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng parantos ngamalkeun ajaran agama. Peryogi kauninga, yen sagala rupa basa anu dipareke ku sakumna jalma anu aya di satangkaraking jagat atanapi satungkebing langit ieu, sanes ciptaan manusa, nanging dadamelan Anu Maha Kawasa – Allah SWT. Mangga uningaan Q.S Arrum ayat 22. Anu unina wallohu a’lam : jeung di antara tanda-tanda kakawasaanNa nyaeta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saestuna tina hal eta teh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu mikanyaho.
Tah geuning, ana kitu mah basa Sunda oge kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha Suci. Atuh mupusti basa Sunda oge tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu oge upami jalmana aruningaeun alias marikanhyaho tea.
Pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu tema biantara teh, nyaeta kumaha sangkan generasi muda mikacinta kana basa Sunda. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu disebatan tadi, rumus anu utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, era, atanapi gengsi ngagunakeun basa Sunda.
Cindekna, konci utama para nonoman/generasi muda mikcinta kana basa Sunda, diantawisna ulah eraan. Ulah era ngagunakeun basa Sunda atawa ulah gengsi cacarita ku basa sunda boh di lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan salami urang nu cacarita papada ngarti kana basa sunda.

Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.
Ulah sagala embung, nanging kudu sagala daek nyaeta kudu daek aub dina kagiatan kasundaan, sapertos acara tembang, mamaos, jeung sajabina. Sim kuring kalintang katajina ku tarekah Bapa Adang S, anu mingpin acara Caraka Sundanologi di televisi. Eta oge kalebet kana tarekah ngirut kana kerep nonoman ngagunakeun basa sundana.
Kitu oge sapertos acara Mojang jeung Jajaka Parahyangan nu dilaksanakeun ku Disbudpar Jawa Barat, eta mangrupi salah sawios tarekah ngaronjatkeun kacinta kana basana. Margi anu namina mojang jeung jajaka Sunda mah sageuy teu ngawasa kana basana.Terekah sanesna, di antawisna urang kedah ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi kagiatan anu nibulkeun kareueus nonoman kana basa katut budaya Sunda, sapertos pasanggiri biantara sareng debat anu nuju lumangsung ieu.
Anu sanesna sapertos pasanggiri maca carpon, maca sajak, sareng nerbitkeun buku-buku hancengan nonoman nu make basa panganteur basa Sunda.
Kitu oge unggal studio radio di tatar sunda, ditarekahan sangkan aya waktu husus dina acara siaran anu ngagunakeun basa Sunda salaku basa panganteurna.

Hadirin anu sami-sami linggih,
eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.
Manawai bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.

Wassalamu’alaikum wr.wb.

Tuesday, August 3, 2010

Sejenak untuk kita renungkan.


1. Keteladanan yang baik adalah tempatkanlah dirimu menjadi teladan bagi orang lain
2. Di dunia ini tidak ada yang abadi kecuali keabadian itu sendiri yang abadi.
3. Tidak ada kebanggaan yang terasa melainkan jika hasil perbuatannya bermanfaat bagi
orang lain.

Mari kita renungkan.

Monday, August 2, 2010

Sekelumit PSB Th. 2011


Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Seirng dengan bertambahnya usia, lebih dari 10 tahun sudah SMA Harapan Cipongkor eksis berkiprah meski tak banyak prestasi yang bisa diraih. Tetapi dengan itikad mencerdaskan masyarakat, khususnya di Cipongkor, SMA Harapan terus berpacu berbenah diri dengan bertitiktolak dari pemberdayaan potensi-potensi lokal dan mengedepankan persamaan hak yang sama pada peserta didik. Tidak dapat disangkal lagi pada saat ini bahwa semakin tinggi jenjang pendidikan semakin tinggi pula biaya pendidikan yang harus dikeluarkan oleh paraorang tua siswa demi menyekolahkan putera-peterinya. SMA Harapan Cipongkor tidak menampik semua itu, tetapi tidak semua jenjang SMA identik dengan biaya yang mahal. Solusi terbaik, efektivitas dan efisiensi biaya hanya di SMA Harapan Cipongkorlah salah satu pilihannya. Oleh sebab itu, bagi paraorangtua siswa di sekitar Cipongkor marilah bergabung dengan Kami yang beralamat di Jl. PLTA Saguling No.03 Desa Citalem Kecamatan Cipongkor Kabupaten Bandung Barat.
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
Seirng dengan bertambahnya usia, 8 tahun sudah SMA Harapan Cipongkor

Wednesday, July 28, 2010

Panganteur ti Admin Blog


Assalamu'alaikum Wr. Wb
Alhamdulillah. Puji syukur ka Gusti Nu Maha Suci, parantos medal blog "SMP NEGERI 2 CIPONGKOR" Mudah-mudahan ieu blog tiasa janten media khusus pikeun sivitas akademika di lingkungan sakola dina raraga mekarkeun paelmuanana, atuh umumna pikeun urang sadayana nu mikarep nambih-nambih wawasan ngaliwatan jalur ieu blog. Mugia urang sadayana aya dina ginulur karahayuan berekah kasalametan kalayan salawasna aya dina panangtayungan Alloh SWT, aaamin. Hatur nuhun.
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

by Admin